Senin, 31 Oktober 2011

my heart
you always in this my heart

dimanpun kau berada kau akan selalu ada di hatiqu....

Senin, 10 Oktober 2011

ngaronda


Pancen Bahasa Sunda
Kelompok  : ΙΙΙ (tilu)
Kelas              : XI IA_1
NGARONDA
Karya : NN
Para Palaku:
1.      Egy Surya Klana Salaku Kang Sudin
2.      Gelar Dwiyanwar Salaku Jang Opik
3.      Selviana Merlianti Salaku Nyai Darsih
4.      Neng Fitri N Salaku Neng kokom
5.      Hanifah amalia M Salaku Adi kokom
6.      Ervan Mutiara Devi Salaku Bangsat
7.      Dineu Riani Rahayu Salaku Nu kabangsatan
Di hiji lembur keur usum-usumna nu kabangsatan. Loba warga nu geus kaleungitan mangrupaning barang-barang ti imahna. Pikeun ngungkulan ieu masalah RT di éta lembuar maréntahkeun ka warga-wargana boh lalaki atawa istri ayeuna mah pikeun ngalaksanakeun  kagiatan ngajaga lembur babarengan ku cara ngaronda. Harita kacaritakeun di hiji pos ronda.
Jang Opik          
kang Sudin            
Jang Opik              

Kang sudin              


Jang opik               

Kang sudin              Jang opik                 Kang sudin              Jang opik                 Kang sudin            
 Nyai

Kang sudin
nyai
Kang sudin

Neng Kokom
Jang opik
Neng kokom

Jang opik
Neng Kokom
Jang opik
Neng Kokom
Jang opik
Kang sudin
Neng Kokom
Nyai darsih
Adik kokom
Kang Sudin
Adik Kokom
Kang sudin
Adik kokom
Kang sudin

Nyai Darsih



Neng Kokom
Jang opik
Adik Kokom
Jang opik
Adik Kokom

Jang opik
Adi Kokom
Jang opik
Kang sudin

Jang opik
Nyai darsi
Jang opik
Neng Kokom
Jang opik
Kang sudin

Jang opik
Adi Kokom

Nyai darsi

Kang sudin

Jang opik
Neng Kokom

Nu kabangsratan
Jang opik
Nyai darsi
Nu kabangsratan
Jang Opik
Kang sudin
Bangsrat
Kang sudin

Bangsrat
Kang sudin

Bangsrat
Kang sudin
Kang sudin

Bangsrat
Nyai Darsi
Bangsrat


Nyai Darsi

Bangsrat
Jang Opik
Bangsrat
Jang opik
Bangsrat

Kang Sudin
Bangsrat
Kang Sudin
Bangsrat
Kang Sudin
Bangsrat
Jang opik
Kang Sudin

Nu kabangsatan
Bangsat

Jang opik

Nu kabangsratan
Kang sudin
Nu kabangsratan
Kang sudin
Bangsrat
Jang opik
Bangsrat

Jang opik
Bangsat

Nyai Darsi

Kang sudin
Nyai Darsi
Kang sudin
Jang opik
Bangsrat
Nu kabangsatan
Bangsrat
Nu kabangsatan
Kang sudin
rempeg

Éh geuning kang Sudin, tos lami kang di dieu?
Lumayan Jang. Lain ieu téh kamarana nu lainna nya jang?
Nuju di jaralan panginten kang. Nyéta abdi gé nembé téh tos ti Cilondok heula, tos ti réréncangan heula.
Ti babaturan atawa ti kabogoh jang?? Ti kabogoh meureun nya… kadé ah bobogohan téh ulah kamalinaan, ulah nepi ka kaleueleuwihi, bisi ditéwak hansip terus dikawinkeun.
Moal atuh kang, da abdi ogé gaduh kénéh cecepengan. Keiu-kieu ogé kantos di gontor 5 taun abdi téh
Wahh.. baruk kungsi masantrén?
Nyéta acan, can pernah.
Cenah tadi 5 taun di gontor, masantrén lain?
Dagang cau..
Ihh sugan téh masantrén..
Éhh geuning aya di darieu, hampura kang telat ngadamel kopina, bieu téh milarian sénter heula. Diubek ditétéangan weléh teu kapenak.
Naha geuning anéh,kamana kitu senterna?
Ahh da teu aya geuning senterna oge kang.
sok kamana waé Nyai mah ngomong téh. Nya enya atuh nepi ka lebaran monyét ogé moal kapanggih. Da sénterna oge ieu.
Aduuhh hapunten, nuju nararaon ieu?.
Oh.. Nuju bde ngaronda, ari eneng tos ti mana wengi-wengi kieu?..
Nyéta bieu téh tos ti balong heula, hariwang bisi balong aya nu mindahkeun.
Lain balong meureun, laukna.
Lain, lain lauk, balong Eneng mah, ngan dina balongna téh aya lauk.
Enya lauk meureun.
Lain, balong Eneng mah.
Enya atuh ahh kumaha Eneng we, lieur akang mah.
Oh enya sareng saha wengi-wengi kieu ka balong na.
Sareng pun Adi Kang.
Teu sieun Neng duaan ka balong?
Henteu atuh téh da cararaang.
Teu sieun sanékala Neng??
Naon sanékala ?
Duka akang ge teu terang
Em.. sugan téh térang. Punten ari di dieu téh bde milarian randa
Éhh lain randa ,ronda, ngaronda. Sok saliwang Eneng mah. Akang mah tos gaduh istri.
Nyéta kieu geuning di urang mah, usum loba bangsat Neng kakara ngararonda. Ari keur sepi mah boro-boro. Kuduna urang ningali kampung tatangga, kampung cilondok. Di éta kampung mah pos rondana téh pinuh waé da.
Pinuh ku runtah jeung ramat lancah meureun?
Ih lain, pinuh kunu ngaronda atuh.bener teu?
Nuju Kamari mah ka Bumina Bi oyo aya nu maling.
Wahh nu bener, geuning asa kakara ngadangu, asa teu guyur.
Padahal mah panto na téh muka, tapi éta bangsrat téh teu daékkeun nyandak  DVD.
Naha nya?
Ahh teu naha Kang da bi oyo mah teu gaduheun  DVD.
sok kamana waé Eneng mah.
Éh enya jang, pan ujang hiji-hijina nu lalagasan kénéh ieu téh. Rék iraha kawin ieu téh?
Ahh duka atuh kang, asa can kapikiran abdi mah.
Geura-geura atuh jang bisi kaburu béakeun awéwéna.
Ahh ieu ge aya keneh Neng Kokom.
Ih akang aya-aya waé
.kira-kira ka saha atuh nya kang abdi pantesna?
Ahh ulah luhur teuing jang, nu penting mah saiman, bisa nurut, aya rupaan deuih.
Nya enya atuh aya rupaan, mun teu aya rupaan mah jurig meureun..
Teukénging  nyarioskeun jurig ah, sok rada muringkak bulu punduk  Eneng  mah.
Enya kétang loba kacaritakeun di pos ronda ieu téh sok aya nu kawénéhan nempoan.
Nempoan naon Nyi? nempoan kohkol meureun.. Aéh ieu téh ngadon kajongjonan ngobrol, hayu ahh urang nguriling heula
Hayu atuhh
Enya atuh kang abdi sareng Adi abdi bde mulang tipayunnya {aslamualaikum}
Bangsat…bangsat…bangsat…!!!
Tuh..tuuh aya nu gogorowokan bangsat bangsatan.
Ké heula téh, sing tenang kabangsatan naon ieu téh?kamana kaburna?
Da ka lebah dieu tadi téh.
Euleuh naon itu aya nu susurungkulan
Saha éta??
Ucing…
Ahh ucing geuning.
Éhh kétang maenya ucing bisa nyarita. Saha manéh gancang kaluar!!!
Abdi…
Abdi saha??
Keur naon di dinya?
Nuju nonton maénbal.
Nonton maénbal kumaha. Mana TVna? Gancang kaluar
Geuning ieu bangsratna téh
Saha ngaran téh?
Abdi??
Lain, indung manéh, nya énya atuh manéh.
Wasta abdi baron kawit ti kampung orowodol, pangaresep nguseup, yuswa 30 taun, pun bojo namina nyi Isabél, pun anak nembé gaduh dua. Ayeuna..
Éh kumaha ieu téh ngadon wawanohan kapapanjangan kitu.
Ti iraha manéh ngabangsrta di lembur ieu?
Ti jaman walanda kénéh.
Sing bener ngajawab téh bisi ditampiling geura.
Aéhh muhun punten, nembé ayeuna da abdi mah.
Nu bener manéh téH?
Leres da nembé ayeuna. Tadi téh ka bumina Teteh ieu, kaleresan nuju aya maénbal dina TVna téh Persib sareng persija.
Wahh mana nu meunang?
Nyéta Persib éléh.
Saha nu nyitak golna?
Pami teu lepat mah Bambang Pamungkas.
Kumaha nya persib téh éléh waé ayeuna mah.
Muhun puguh, sok keuheul abdi mah.
Éh kumaha ieu téh ngadon ngawangkong kieu.
Aduuh hampura, rarasaan téh lain bangsrat.
Wah mana maling. Mana malingna??
Manéh téh bieu nyokot naon waé?
Ahh teu seueur kang,mung kulkas, TV, VCD, lomari, dipan, korsi, méja, sareng nu sanésna.
Sing bener ngajawab téh.
Téh nu leungit naon waé?
Ahh biasa wé hayam opat ton, béas 5 kwintal, jeung domba 100 siki.
Ihh sok saruana,nu bener atuh.
nu leungit téh hayam dua.
Bener manéh bieu nyokot hayam dua.?
Da abdi mah ngan nyandak hiji satengah.
Hiji satengah kumaha,piraku aya hayam satengah.
Leres da, da nu hiji hayam indungna nu hiji mah anakna janten ngan satengah.
Enya dua atuh éta mah.
Ohh kitu. Muhun atuh. mangga atuh abdi ti payun, badé wangsul heula nya
Oh sok atuh kadé ati-ati di jalanna hég paroék. Mun geus tepi ka imah sms nya
Kumaha ieu téh Nyai, bangsat ieu téh Nyi.
Éh enya nya,aduhh hilap.
Hadéna dikumahakeun nya ieu bangsrat?
Ka kantor polisikeun wé atuh kang.
Ampun kang, ulah ka kantor polisikeun, wios abdi mah ka Polrés wé.
Heueuh polrés téh polisi téa.
Ohh kitu,hayu atuh kang, bari sakantenan abdi nagdamel SIM.
Répéh manéh, sok ngacaprak ari nyarita téh.
Hayu atuh urang bawa ayeuna.
Hayu….


Senin, 03 Oktober 2011

doremi

do........ do...do...do...do
doakan ku harus pergi
re...... relakan aku disini
mi... misalkan aku kan pulang
pa..... pastikan kau tetap menunggu
so...... soal cinta luar biasa
la...... lama-lama bisa gila
si..... siapa yang tau pasti
do...... doakan aku disini...

la lalalala lala...............yeye...............

mencari tau pengertian jaringan

untuk rekan-rekan... semua yang membuka blog ini menurut kalian apa sih pengertian dari jaringan komputer.............???????????

dan satu lagi apa sih perbedaan antara LAN and WAN....???

Di tunggu jawabannya........
thank's